Laporan Ahir Semester Bahasa SUnda

KUMPULAN TUGAS MANDIRI BAHASA DAERAH

LAPORAN AKHIR SEMESTER

Diajukan untuk Memenuhi Salah Satu Tugas Mata Kuliah Bahasa Daerah


























Oleh
Subhi Ash Shalih
0801542





PROGRAM STUDI PENDIDIKAN GURU SEKOLAH DASAR
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
KAMPUS CIBIRU
BANDUNG
2009
DAFTAR ISI

A. Kaparigelan Nyarita
1. Pangalaman
2. Pidato
3. Pageuneuman (dialog)
B. Kaparigelan Maca
1. Maca Sejarah Lokal
2. Drama
3. Sajak
C. Kaparigelan Ngarageupkeun
1. Kawih Kaulinan Barudak
2. Kawih Sisindiran
3. Kawih Wawangsalan
4. Kawih Pupuh































A. Kaparigelan Nyarita
1. Pangalaman
“Pangalaman Janten Panitia Pangawas Ospek”
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Hatur nuhun ku Ibu, nu atos masihan waktos ku abdi ti payun ngadugikeun pangalaman abdi.
Ayeuna abdi bade nyaritakeun pangalaman janten Panitia Pangawas Ospek.
Abdi teh asalna ti organisasi DPM nu pancenana nyaeta ngawas kegiatan BEM. kapungkur teh BEM ngayakeun acara nu namina teh Ospek. Abdi salaku anggota DPM, di percayakeun janten Panitia Pangawas Kumargi abdi biasa ngawasan ti kegiatan lain-lainana anu kapungkeuran.
Ospek teh dilaksanakeun tilu dinten ti waktos-waktos anu nggeus di tetepkeun. Dinten mimiti abdi ngawasan jeung Panitia Pengawas Lainna. Ti unggal kagiatan teh, khususna pangawas, ngaharepkeun pisan anu ngarana evaluasi kegiatan. Soalna didinya teh anu salah, beres, kritik sareng-sareng di evaluasi, atanapi sareng di omongkeun sakabehanana.
Ngan ti sasih ieu teh, nyaeta sasih shaum kudu anu loba sabarna. Upami teu loba sabar, puasana bakal batal.
Carita nu di payun teh nyaeta dinten mimiti. Terasna dinten ka duana sareng ka tiluna sarua sadayana. Atapi dinten ka tilu nyaeta dina kapengkeur, di dina ieu teh aya nu laen. Soalna dinten eta abdi teu di ulem ku panitia. Abdi hoyong sewot atanapi abdi puasa. Nya nggeus atuh sing loba sabarna we.
Wios sadayana....upami aya ti partoskeun anu langkung penting, diantosan ku abdi ti mesjid Assakinah.
Upami aya tutur saur nu kalepetan ti hate, abdi nyuwun thank you—matur nuhun—sareng nyuwun sewu.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

2. Pidato
“Rereongan Dana Kanggo Ngabantos Korban Bencana Alam Tasikmalaya”
Bismillahirrahmanirrahiim.
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Bapak, Ibu, urang sadayana anu ku simkuring dipihormat.
Dina kasempetan anu bungah ieu, hayu urang sadayana panjatkeun puja sinareng puji syukur kahadirot Allah swt., kumargi urang tiasa kumpul ngariung di bumina Bapak RT, pryogi ngabandantenkeun perkawis rereongan dana kangge sedulur urang anu ka timpa musibah.
Sadaya undangan nu ku simkuring dipihormat.
Pryogi ku simkuring didugikeun ka hadiran sadayana, bahwasana dulur urang anu linggih di Tasikmalaya, dinten-dinten anu ka tukang kadongkapan musibah bencana alam gempa bumi. anu kakuatanana dugikeun 7,3 SR, atapi nyaeta teh gempa anu ka hiji, kumargi gempa kadugikeun 3 kali ka janteunana. Sareng kemungkinan berita ieu teh nggeus urang sadayana ningalian lewat media elektronik sareng surat kabar. Salaku jelma sosial tangtos wae ngarasakeun dilebet hatena urang bade masihan anu tiasa ngaringankeun beban atapi masalah sedulur-sedulur urang. Yen saena urang ngabantosan nyaeta mangrupina, daharan pokok, pakean, obat-obatan, atanapi anu sanesna.
Sadaya undangan nu ku simkuring dipihormat.
Ku ayana bencana gempa ieu, tangtos wae urang ngaraos reuwas. Janten bantosan urang kabeh, talintang diharepkeun kanggo sakedar ngaringankeun bebanana. Janten sareng rariungan ieu teh, simkuring ngajakeun ka urang kampung kabeh supados masihan sumbangan anu sae sareng kamampuan urang masing-masing. Nu simkuring di ka dugikeun deui, warga anu enggal masihan sumbangan, engke dikumpulkeun di bumina Bapak RT. Ku sabab engke sumbangan eta langsung dianterkeun ku pangurus RT anu terang lokasina.
Sadaya undangan nu ku simkuring dipihormat.
insyaAllah sumbangan nu di kumpulkeun urang sadayana lan ka ikhlasanana, di tampi pisan ku Gusti Allah nu Maha Ageng.
Mung sekieu sambutan ti pribados. Upami bilih aya tutur saur nu teu ka ukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu menenah nu ngarahetkeun kana manah. Simkuring hapunten kana sadaya kalepetan.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

3. Pageuneuman (dialog)
Bambang : “Bek, sekedap deui lebaran! Iraha bade mulih ka Sukabumi?”
Bekti : “Sumuhun, sekedap deui lebaran euy! Panginten simkuring bade wangsul kaping 16. Ari Bambang bade iraha?”
Bambang : “Duka Bek! Abdi teu acan terang. Atanapi abdi oge kaping sakitumah sareng Subhi wae atuh milihna! Tah, kaleresan aya Subhi, urang taroskeun.”
Bambang : “Sub, mulih ka Cirebon bade iraha? Upami kaping 16, sareng abdi wae mulihna!”
Subhi : “Hayu atuh, kaleresan abdi oge bade wangsul kaping sakitu. Kumargi atos teu aya deui acara di DPM.
Bekti : “Panginten, Bambang sareng Subhi bade mulih tabuh sabaraha?! Manawi bade mulih tos rengse kuliah.”
Subhi : “Abdi mah teu langkung Bambang.”
Bambang : “Sub, kumaha upami urang angkatna tabuh tilu war, supados teu panas di jalana!”
Subhi : “sae atuh, pami janten tabuh sakitu, abdi ngantosan di Masjid Assakinah.”
Bambang : “Mangga, insyaAllah abdi nyampeur!”
Bekti : “Bang, Sub, sateuacan mulih, kumaha upami urang meser acuk kanggo lebaran?! Mempeung pangaosna marirah!!
Subhi : “Hayu, bade iraha sareng dimana meserna?
Bambang : “Kumaha upami ke Minggu wae kaping 13 urang ka alun-alun Bandung?!
Bekti : “Hayu, ari Subhi bade sareng moal?!
Subhi : “Hayu......!!!

B. Kaparigelan Maca
1. Maca Sejarah Lokal
“Pan Karso sareng Oray”
Pan Karso jalmi teu gaduh. Cicing jeung istrina di imah nu geus ruksak. Sanajana kitu pan Karso tetep tawakal. Sapopoe, manehna digawe neangan suluh di leuweung.
Salah sahiji poe, pan Karso neangan suluh di leuweung. Manehna manggihan liang, anu di luhurna ka tutup rapet ku tangkal anu anyar runtuh. Tina jero iang eta, kadangu sora meratap.” Hai, pan Karso, tulung pindahkeun tangkal kai anu ngahalang tempat cicing kuring.
Pan Karso ngarasa kaget, basa ningali yen anu ngomong teh seekoe oray gede. Pan Karso teu wani ngadeketan manegna sieuneun. Sa enggeus dipikir-pikir ahirna manehna ngawanikeun diri keur ngalakunana, apalagi sa enggeus oray itu omong deui, “pan Karso, maneh tong sien ku kuring. Tulung kuring,....pan Karso.”
Pan Karso pun mindahkeun kai gede tea, saenggeus kai gede dipindahkeun, sang oray nanyakeun, naon anu jadi kahayang pan Karso sebagai buruh nulungan.
“sang oray, kuring nggeus lila hidup gering. Ayeuna kuring hayang jadi jelma beunghar, jelma anu serba cukup, “ceuk pan Karso”
“Pan Karso, maneh bakal jadi jelma beunghar jeung serba aya. Ayeuna balik gancang. “ ceuk Oray”
Pas nepi di imah. Pan Karso kaget sebab imahna geus robah, jadi imah mewah. Istrina ngabahagiakeun dengan ngagunakeun baju anu aralus sepertos layakna jalma beunghar.
Mimitina, pan Karso jeung istrina ngarasa puas dengan kahirupan manehna eta. Atapi, satuluyna manehna iri ka pangusaha ti Jakarta, anu hirupna ngaluihan manehna. Manehna ige hayang hirup kawas pangusaha eta.
Kalayan paksaan istrina, pan Karso buru-buru indit manggihan oray di jero leuweung. Pan Karso menta supaya manehna jadi pangusaha anu leuih sukses pisan.
Lamun eta kahayang maneh, “pan Karso, ayeuna maneh jadi pangusaha nu sukses ti Jawa Barat.”(ceuk oray)”
Kawas sateuacanana, mimitina pan Karso sareng istrina ngarasa langkung bahagia lantaran janten pangusaha anu sukses. Atapi, satuluyna manehna ngarasa bosen. Istrina mimiti ngeluh deui. Manehna hayang janten pangusaha nu leuih sukses pisan, tong se-Jawa barat hungkul. Sebab perkiraan janten pangusaha se-Indonesia leuih beunghar.
Ngadungu pamundu ieu, oray janten langkung ambek. Pamundutan eta lain oge ditolak, tapi pan karso sareng istrina diuihkeun deui janten miskin sapartos mimiti kahirupana.

2. Drama
“Rancana Mudik Lebaran”
(dina hiji poe aya tilu budak keur ngariung di handapeun kai suren)
Meri : Hey...barudak lebaran dek mudik kamana?
Subhi : Ah, urang mah moal kamana-mana da kabeh kulawarga aya di dieu. Jadi teu kudu mudik!
Maul : Urang mah biasa we ka Garut.
Subhi : Ari maneh dek kamana?!
Meri : Teuing euy, can aya tujuan urang mah.
Maul : Naha bet can aya tujuan!!
Subhi : Heueuh piraku moal silaturahmo
Meri : Lain kitu, urang teh rek badami heula jeung kulawarga, ari pun bapa mah hoyong ka Garut duka pun biang mah.
Maul : Ooooooooh.............
Subhi : Kade ah balik ti Garut teh oleh-olehna!
Maul : Heug atuh, hayang naon? Sukro hideung? Hayang sakumaha?
Subhi : Ah, urang mah hayang dodol we lah!
Meri : Naon ari sukro hideung teh?
Maul : Eta anu di citak ku bujur domba geuningan...!!!
Meri : Ah manehmah teu baleg piraku urang disaruakeun jeung pepelakan.
Maul : Nya hoyong naon atuh?!
Meri : Dorokdok we urang mah.
Maul : Heug atuh ke dipangmawakeun!!

(teu kungsi heula tidinya jol Indra hah...heh...hoh..lulumpatan bari mawa keresek)
Subhi : Aya naon Ndra! Meni ciga nu ripuh.
Indra : Sidik urang teh neangan maraneh kaditu-kadieu eweh. Ari ceuk mang Ihin cnah didieu.
Maul : Ari eta na karesek naon?
Meri : Heueuh marelenung ciga nu berat. Dahareun lain?
Indra : Yeuh pangirim ti wa Enun kakara balik ti dayeuh harayang teu?
Subhi : Hayang atuh..!! (bari ngarontok keresek ti Indra)
Indra : Heueuh jok beakeun we ku sararea........

3. Sajak
“SUSUB LANDEP”
Urip ning kene, kaya kari sedepa
Segara wis dadi comberan banyumata
Sawah dirubung wereng geseng, mrenganga
Sedalam-dalam papan reklame gawe nelayan
Lenga lantung, bensin lan solar nyumpeli dada
Urip ning kene, kaya sejagat dohong kelor
Awak melarat-bantat, kari selembar celana kolor
Mana mene mentog, sikil mung bisa selonjor
Srengenge gerumpung, ozone krowak umeb bocor
Angin molak malik, zaman wis sulaya lan kotor
Urip ning kene, kebebeng-peteng kaya ning jero bui
Sing gedong pemerentah, sira keranjingan dadi memedi
Bli rumangsa gawe sangsara, mledingi silit bari mungkur ati
Raya jejemplingan dianggap radio bodol, dijejeli kancing kemiti
Usus-buntu kebek paku, weteng segunung kaya kebo mati
Ning kulon, wong-wong bli wirang dadi bunglon
Ning wetan, wong-wong medheni kaya merkayangan
Ning lor, wong-wong pada meringis gemuyu matae bolor
Ning kidul, wong-wong krasak-krusuk ngeramped persis bedul
Aja brisik, weru bli? Kabeh dadi susub landep : ngerampok negara!

C. Kaparigelan Ngarageupkeun
1. Kawih Kaulinan Barudak
Kawih kaulinan nu judulna tokecang di dieu teh nganggo kaulinan barudak nu ngagunakeun tangan di tumpuk-tumpukeun terus sampai teu ayaan.
“TOKECANG”
Tokecang-tokecang
Balagendil tosblong
Angeun kacang angeun kacang
Sapendil kosong

2. Kawih Sisindiran
- Rarakitan Silih Asih
Hayang teuing buah muris,
Teu bisa ngasakanana.
Hayang teuing ka nu geulis,
Teu bisa ngakalanana.

- Rarakitan Piwuruk
Lamun urang ka Cikole,
Moal hese tumpak kahar.
Lamun urang boga gawe,
Moal hese barang dahar.

- Rarakitan Sesebred
Majar maneh cengkeh koneng,
Kulit peuteuy dina nyiru.
Majar maneh lengkeh koneng,
Kulit beuteung mani namru.

3. Kawih Wawangsalan
- Silih Asih
Tangkal manjah sisi lamping,
Tangkal putat kaibunan.
Hate bungah tanpa tanding,
Nampi serat kikintunan.

- Piwuruk
Susuru opat ngajajar,
Katinggang ku daun jati.
Guguru kapalang ajar,
Cara kembang burung jadi.

- Sesebred
Daun jarak dibeungkeutan,
Dibawa ka jalan gede.
Anu harak ngadeukeutan,
Hayangeun dibawa hade

4. Kawih Pupuh
Kinanti
Tina jurusan PGPAUD (8u)
Seueurna ku istri-istri (8i)
Ketua Prodina pak Ichas (8a)
Anu dosen tos gaduh istri (8i)
Salah sahiji mahasiswana (8a)
Indah Nurma Laelasari (8i)

Related product you might see:

Share this product :

+ komentar + 1 komentar

27 Juni 2018 pukul 05.45

terimakasih.
salam,
bimbel matematika indonesia

Posting Komentar

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. el_shalih blog - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger Template